Page 6 - Napak Tilas Sumedanglarang
P. 6
Dawuhan Kanjeng Pangeran Sumedang
1.Manusia mah kudu cicing dina rasa sareng rumasa, nganggo nyalikan dina korsi eling, mayungan meja wiwaha, nu ditaplakan ku iman, nganggo amparan ku kasabaran, ditelekungan ku elmu, nu dibanderaan ku ikhlas.
2.Manusia nu lumampah kudu tutunggangan wiwaha, bulu napas, diselaan ku asihan, dikadalian ku pamilih, disebrakan ku kahormatan satia, didudukuy ku lungguh, disanggawedian ku pangarti, sareng rintih, diapis buntutna ku jujur, nganggo pecutna ku elmu, nu dicandakna banderana sabar, pangnggona ridho, soleh, pibalukareunnana kabagjaan. (Tah ieu jalanan jalmi Islam).
3.Kanggo nu nyarengannana kawalapadna Bani Adam nu disebut Islam, nu linggih dina korsi eling, sareng lumampah tunggang kuda wiwaha :
1. Ki pasrah,
2. Ki sumerah,
3. Ki ridho,
4. Ki Ikhlas,
5. Ki tumamprah, Ki sumangga, ka kudrat Illahi dikapalan ku percaya. (Iman).
4.Sawangsulna manusa ulah aya dina jagal cidra sareng ngarasula, ulah linggih dina korsi hilap sareng bengbatan, mayuna meja lalawora, nu ditaplakan ku mang-mang, ngamggo amparan ku kabarangsan, nganggo telekung ku hasud takabur, nyandak benderana haranga.
5.Anu lumampah tunggang kuda amarah, nu diselaan ku harangan, dikadalian ku dengki, disebrakan ku harak, didudukuy ku umangkuh, disanggawedian ku
v

